|
Anggie Sri Mulyati
|
|
Monday, 01 December 2008 |
Urang eusian bubuleud bulan purnama samemeh nini anteh jeung ucingna unggah ngageugeuh bulan Urang guar simpena peuting na bobodas bulan nu teu weleh ngalangkangan langit ngahiap bentang
Hayu gancang urang nonggoh nete taraje ka langit ulah tepi ka nini anteh jeung ucingna kaandih Urang saba ganggongna urang taratas eusina tepi ka bubuleud bulan ngorotan tepi ka bubuleud bulan kari sapotong digegel langit tepi ka bubuleud bulan beak diteureuy peuting
Kota Kidul, Juli 2002
|
|